Kumpulan kata kata indah papatah penuh makna bahasa sunda

Kumpulan kata kata indah papatah penuhmakna bahasa sunda – Bahasa sunda anu hampir ka pohokeun na mangsa kiwari kumargi hampir ka sered ku Bahasa sejen
Sabab lain tina kaseredna Bahasa sunda nyaeta ku pergaulan urang anu ka lingkung ku Bahasa sejen conto indonesia , urang gaul jeung nu nggunakeun Bahasa indo kalobaanana basa sunda nu milu ka Bahasa indo
Alus memang jadi nu bisa basa sunda jadi ngarti kana Bahasa indo beh dituna mahir ngagukakeun Bahasa indo
Kudu memang urang ngarti Bahasa sejen indo ingris arap jepang jeung Bahasa sejena
Jadi bila mana urang pangih jeung lain Bahasa urang teh urang teu ngawagu kalayan bisa ngawangkong atawa berdiskusi


Tah dina ieu kasempetan sim kuring maksad nginget ngaguar basa sunda anu sakitu leubeutna di antawisna dina ieu kasempetan simkuring ngabantun judul kata kata endah papatah penuh makna dina Bahasa sunda anu sejena insyaALLAH di sanes kasempetan anu kersa  anu mikameumeut basa sunda manga di leunyeupan di lenyepan kalayan  manga di koreksi….


Kumpulan kata kata indah papatah penuh makna bahasa sunda


Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak
Pihartieunana ; dina bungah dina sedih kudu tetep saling ngarti tetep kompak ngahiji
Ieu basa biasana di tujukeun ka dua jua jalma anu anyar ngahiji taw aka jalma anu ngajalin cinta atanapia rumah tangga
bisa oge ieu Bahasa ngangago papatah
Runtut raut sa uyunan
Hartina nya teu jauh jeung nu tadi

Silih asah silih asuh
Pihartieunana ; kudu silih pi kanyaah jeung papada makhluk utamana papada manusa
Dina enggoning ngajalankeun kahirupan di alam dunnya ieu urang teu bisa hirup nyorangan kumargi kitu urang kudu saling ngahargaaan saling pikanyaah
Mun hayang dihargaan ku batur urang kudu bisa ngahargaan ka batur
Mun hayang di pikanyaah ku batuh urang kudu nyaah ka batur

Nu lain kudu dilain-lain nu enya kudu di enyakeun
Pihartieunana ; kudu jujur mun eta lain kudu di lainkeun kitu deui mun eta eyna mangka kudu dienyakeun ulah nu lain di enyakeun nu enya di lainkeun

Tong ingkah balilahan
 Pihartieunana ; tetep dina hiji kayakinan teu mancla mencle atawa kaditu kadieu

Mipit kudu amit ngala kudu menta
Pihartieunana ; tong pulang-paling ulah asal cokot jangan asal gubug intina mun eta lain milik urang hayang mibanda eta benda urang kudu bebeja heula kanu miboga eta benda

Paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan 
Pihartieunana ; gotong royong saling bantu dina enggoning ngjalankeun pagawean

Pondok jodo panjang baraya 
Pihartieunana ; sanajan teu ngajodo hubungan peungas di tengah jalan ulah matak jadi silih pikangewa babarayaan mah tetep

Rejeqi allah ngajamin asal ikhtiar
Pihartieunana ; ulah pondok pangharepan pedah urang jalma teu boga nu penting daek barang gawe rezeqi pasti aya

Tong ngeluh mun keur ripuh ulah ngaraja na mangsa bagja    
Pihartieunana ; tong ngeluh dina mangsa keur ripuh tetep kudu sabar tetep bersyukur jeung ulah ngraja dina keur bungah tong ngajadi sombong ku lantaran urang sagala loba

Bengkung ngariung bongok ngaronyok
Pihartieunana ; tetp satujuan babarengan salilana

Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang 
Pihartieunana ; puguh tujuan

Tong mopo memeh nangung  
Pihartieunana ; tong ngarasa beurat saacan ngalakonan hiji pagawean

Tong kumeok memeh di pacok
Pihartieunana ; tong ngarasa eleh mun tarung



Tah eta Kumpulan kata kata indah papatah penuh makna bahasa sunda hasil tina rangkuman ti berbagai sumber
sakitu nu kapihatur ageing sihapuna tina sadaya kalepatan
haturan wilujeng kantun.....


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kumpulan kata kata indah papatah penuh makna bahasa sunda"

Post a Comment